JANGJI NGAWANGUN CIRI | Yus Rizal Pratama

  • Tukar Link disini !!

    Assalamu'alaikum WR WB !! Selamat datang di Blog Kang Rizal, salam kenal dari Blogger Bekasi yang mencoba sharing semua hal yang ane taU (campur-campur jiga karedok),
    Jika Bradda-bradda berniat untuk tukar Link dengan Ane, ane selalu siap untuk memperkuat tali Silaturrahmi antara kita semua. Silahkan berkomentar pada Posting ane dimari - Tukar Link dengan Kang Rizal

JANGJI NGAWANGUN CIRI

Posted By Unknown On 4:29 PM Under
Share
Karya : Endah Sulyana, S.Pd

Mangsa tatapakan marcapada
nguningakeun hiji bewara
genyas ci ibun semu alum
neuteup panon poe nu rek reureuh
aya walapatra nu katulis mangsa ieu lemah dikakaya
keur mulangkeun jati nu meh ilang disilih ku junti

Masih natrat na lelembutan
Koceak dengek nu meupeuskeun lalangse peuting
Atawa raga nu pejah
disaksian ku binabarna cahya surya

Alam ngaheab panas ku amarah
Barisan ipis maju makalangan
Najan teu pepek ku senjata
Tapi wuwuh padet
dieusi ku pelor-pelor kasumangetan

Gumuruh sora nembus langit pingpitu
Bumi oyag mapag gelebug angin harepan
Yeuh kaula putra bangsa…………………
Seja bumela narohkeun raga

Nyingkah anjeun, durjana..!
Sabab kiwari kaula datang
numbraskeun sagala wewesen
Kaula jangji nagri nu kungsi dirarajet
Maneh tong ngarasa ngaboga-boga
Sabab geus mangsana
rek dipulangkeun ka anak incu kaula

Keun,………ayeuna urang wangun hiji ciri
Kudu nanjeur kamerdekaan
Najan kudu diwangun kututunggul
nu baseuh ku darah kaula

Teruskeun,
Teruskeun jangji kaula
Binasakeun karaman angkara murka
Bhaktikeun raga tur nyawa
Wangun nagara anu raharja,
Nagri sugih mukti dina ridhona Ilahi.

0 komentar - Tolong jangan melakukan SPAM,..Apabila posting ini bermanfaat, mohon di Share ke yang lainnya dan jangan lupa masukan E-mail pada SRUBSCRIBE !!! Hatur Nuhun

Post a Comment

[ Gunakan Kotak Komentar Popup untuk Berkomentar ]

Silahkan memberikan Kritik & Saran yang membangun untuk RizaL vM, demi menjadi Blog yang lebih baik lagi,... No SPAM ^_^